Baraya

Free Domain Name Site
Register FREE Domain
free counters

Kotamadya Bogor

Berita Ayeuna

Kabupaten Bogor

Monday 10 May 2010

SimKuring

Alhamdulillah dugi ka danget ieu sim kuring aya dina ginanjar kawilujengan, Insya Allah sadayana di pengumbaraan dunia maya nu di saluruh dunya oge dikhususkeun kangge masyarakat muslim nu di Palestina sing aya dina karidhoan Allah SWT. CEEP DULUR ANJEUN AYA DINA COBIAN GUSTI ALLAH…. Sing Sabar.

Langkung tipayun nyuhunkeun dihapunten bilih dina ieu profile kirang merenah, maklum sim kuring teu gaduh pangalaman elmu nu luhur, ngan saukur hayang numpang ngetop ngagaduhan ieu BLOG teh, bari saeutik saeutik belajar sapedos teu gaptek teuing. Sangkan urang ayeunamah mun teu nyaho teknologi , di jaman kiwari bakal teu kapake kahareupna. Kitu ceunah, ceuk aingg kitu oge hehhhe. Tah kumargi kitu ieu profile teu kedah diaos ayeuna-ayeuna, keun engke we upami tos padamelan nyantai, janten teu langkung bade diaos mangga henteu oge maenya……
Kaping 10 dinteun Jumat sasih Oktober tauun 1969 di Bogor sim kuring dibabarkeun ka dunya (ku Ibu Hj. Emmy Kaswati Bapak H. Abdurahman Ishak). Budak lalaki, lucu, kasep nomor hiji pikeun kaluarga H. Abdurahman. CS. Di paparinan ngaran Dharma Eka Adji. Dina raratan kahirupan teh budak di asuh ku karesep, ka sayang jeung ku ka cinta ku Ibu jeung Bpk.

Dina lalampahan simkuring di ieu dunya anu fana teh, Alhamdullillah simkuring dipaparin bojo ku Gusti Allah SWT nu Maha Agung ka mantan popotongan simkuring nyaeta Wahyuni Rachmayani. (asli teu make panglayan atanapi dukun). Dihijikeun kange rumah tangga ku Gusti Allah SWT kaping 10 April 2001 dina yuswa simkuring 33 tauun.

Salawas ti kitu di lalampahan simkuring rumah tangga teh di Paparin deui Harta nu sakitu gedena jeung teu aya duana ku Gusti Allah SWT nyaeta ku 2 anak lalaki anu kasep, lucu, jeung deui ganteng Riza Averille Adji ( Bintang) sareung Rifat Alghifari Adji (Al).

Salawas ti eta simkuring oge kagungan hoby ngomprek2 komputer, sareung elmu petualangan di alam bebas tea, sangkan sim kuring oge kungsi kursus atanapi pendidikan tentang alam bebas sapertos Konsevasi KIH, Pendidikan manjat Skygers, Pendidikan Manjat Esta, Basarnas, Klub KMPA di kampus Manunggal Bhawana Jeung sajabana.

Sakitu telangkung riwayat simkuring, dupi bilih aya kalepatan engke ku simkuring pasti di update deui . Nuhun Sateuacanna ka kaluarga tercinta : Bintang Riza, Mamih , Saderek2, rerencangan2, mantan popotongan,
Sohib jeung nu sejenna. Nuhun.

EECH Sakali ...... deui bilih aya peryogi ka simkuring tiasa ngahubungi di 0251-9166969

No comments:
Write comments

Interested for our works and services?
Get more of our update !